B. Daerah

Pertanyaan

Kumaha pamanggih hidep ngeunaan kamekaran dongeng dina jaman kiwari?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Ciri utama anu paling dipikawanoh tina dongeng teh nyaeta caritana anu pamohalan atawa henteu asup kana akal. Carita dongeng anu pamohalan eta mangrupa sabab kunaon dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kusabab kitu, sabenerna mah carita dongeng nepi ka iraha wae pasti dipikaresep ku barudak. Jadi, nepi ka ayeuna dongeng masih dipikaresp, utamana ku barudak, jeung nepi ka ayeuna oge henteu aya carita anu paling dipikaresep ku barudak salian ti dongeng.

    Umpama baheula mah dongeng dina sumebarna teh sacara lesan atawa tatalepa, kuayana komunikasi internet, ayeuna mah bisa oge dongeng sumebarna ngaliwatan internet. Aya oge carita lianna, salian ti dongeng, anu eusi caritana pamohalan, nyaeta carita wayang. Tapi kusabab carita anu aya dina carita wayang mah eusina leuwih "beurat", langka barudak anu mikaresep kana carita wayang.

    Dongeng mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta carita pondok atawa carpon jeung novel.

    Jadi, sanajan dongeng jeung carita wayang teh kasebutna mangrupa prosa buhun, ditilik tina kaayaan ayeuna, dongeng jeung carita wayang masih aya nu mikaresep jeung masih tumumuh atawa mekar boh dina sastra Sunda boh dina sastra lianna, sperti oge carpon jeung novel. 

Pertanyaan Lainnya