parafrase kawih bubuy bulan
B. Daerah
noniokta835
Pertanyaan
parafrase kawih bubuy bulan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Parafrase nyaeta mindahkeun hiji tulisan atawa karya sastra kana tulisan anyar anu miboga wangun tulisan atawa karya satra anu beda, saperti tina wangun puisi kana wangun prosa. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih nyaeta karya sastra dina wangun puisi. Jadi dina parafrase kawih Bubuy Bulan, nyaeta mindahkeun eusi kawih Bubuy Bulan anu tadina mangrupa wangun puisi kana wangun prosa.
Dina kawih Bubuy Bulan, wangun rumpakana rek siga sisindiran, nyaeta miboga bagean "cangkang" atawa sampiran jeung bagean eusi. Kusabab bagean cangkang teh sabenerna mah ngan mangrupa "cangkang" wungkul anu eusina henteu perlu, kukituna dina parafrase kawih Bubuy Bulan anu perlu dipindahkeun kana wangun prosa ngan bagean "eusi" wungkul. Rumpaka bagean eusi anu aya dina kawih Bubuy Bulan nyaeta :
Bubuy bulan
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge hade
Duh eta saha nu ngalangkung
unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana
Dumasar kana bagean "eusi" kawih Bubuy Bulan di luhur, di handap ieu nyaeta wangun parafrase tina kawih Bubuy Bulan anu mangrupa wangun prosa :
Bubuy bulan
Kuring unggal bulan neangan anu dipikacinta ku kuring. Malahan kuring neangan anu dipikacinta ku kuring teh henteu unggal bulan wae, tapi unggal poe oge eta teh ku kuring dilakonan.
Duh eta teh saha jalmi anu sok ngalangkung unggal enjing. Eta anu ngalangkung teh matak nganyeredetkeun hate kuring. Komo deui umpama ningali sorot socan eta anu sok ngalangkung. Eta anu sok ngalangkung teh matak ngingetkeun kuring ka manehna.