kumaha akibatna lamun hiji jalma goreng komunikasina jeung jalma lianna?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Jalma nyaeta mahluk sosial. Jalma perlu ngagunakeun komunikasi dina ngajalnkeun fungsina salaku mahluk sosial. Lamun hiji jalma goreng dina komunikasina jeung jalma lianna tangtu kahirupan sosial eta jalma jadi kaganggu atawa moal lancar.
Umpama kahirupan sosial hiji jalma henteu lancar atawa kaganggu tangtu bisa ngarugikeun boh ka eta jalma boh ka lingkunganana. Conto kahirupan sosial anu teu lancar atawa kaganggu nyaeta saperti salah faham atawa salah sangka anu bisa ngakibatkeun jadi antar jalma atawa antar warga parasea.
Hal-hal anu perlu diperhatikeun sangkan bisa ngalakukeun komunikasi sacara merenah tur hade, nyaeta dina bentesna sora atawa lafal waktu nyarita kudu merenah, luhur handapna sora atawa lentong anu merenah, pilihan kekecapan anu merenah, penjiwaan sarta paroman anu alus atawa merenah.
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMA)
Kata Kunci : Mahluk sosial, komunikasi